Jumat, 09 Oktober 2009

In Memoriam Kang Duduh


Asa cik keneh tepung jeung Kang Duduh. Ceuk Indung kuring mah Kang Duduh teh babaturan sakola keur SD di Ciwidey. Malah Indung kuring pernah nganjrek di bumi ramana kang Duduh, nu katelah Anom Kiking. Lantaran harita aki kuring masih keneh jadi kapala kahutanan di Cimanggu. Harita mah ka Cimanggu teh masih naek kuda, teu jiga ayeuna loba angkot jeung ojeg jurusan Ciwidey – Cimanggu.

Kuring wanoh ka Kang Duduh lain lantaran di wanohkeun, tapi kabeneran sakaresep maen bridsen. Harita masih keneh SMA sok dibabawa maen ku Kang Pandi, raka teh Maya, istrina Kang Duduh. Harita Kang Duduh masih keneh ngajar di Bandung. Biasana maen teh saminggu dua kali. Jadi paling elat tepung teh saminggu dua kali.

Tepung deui waktu rek acara tujuh belasan, awal taun 80-an. Harita Kang Duduh keur sibuk ngajurian FFI. Tapi diolo mah teu burung kersaeun ngalatih kuring jeung babaturan. Saur Kang Duduh : “ulah teater rada panjang waktuna, mending oratorium”. Der we kuring saparakanca latihan oratorium langsung di sutradaraan ku anjeunna. Ti harita campleng kuring teu tepung deui. Sok komo kuring kudu ngumbara nyebrang pulo. Mun diitung-itung mah dua puluh taunan. Ngan kuring masih sering maca karya-karya Kang Duduh di Majalah atawa surat kabar.

Saprak pindah deui ka Batawi kuring remen ka lembur, komo mun aya program ngalatih barudak di leuweung. Tapi teu kungsi deui tepung sareng kang Duduh. Ngan cenah mah Kang Duduh tos ngalih ka Cibolerang.

Kira-kira genep bulan katukang mukaan deui buku-buku Kisunda, da bongan maca buku nu lian mah kerur rada bosen, gancang robahna. Memang aya gerentes hate hayang nepungan Kang Duduh, maksud teh rek nambut buku-bukuna. Lebaran kamari di nawaetuan.

Basa keur silaturakhmi jeung babaturan di imah, ras we inget ka Kang Duduh. Ceuk kuring, : “Cing euy anteur ka bumina Kang Duduh, urang aya perlu”. Babaturan teh lain ngajawab, malah ngabetem. Meurun nyangka na teh kuring heureuy. Lantaran kuring nanya wae terus babaturan ngajawab. “Kapan tadi enjing-enjing Kang Duduh Pupus. Malahan parantos di makam keun di awi surat”. Ngadenge kitu asa leuleus awak. Kuring ngan nembalan “Innalilalhi Wainna illah rojiun”. Mudah-mudahan Kang Duduh sing di tampi iman kalih islamna. Sing dicaang padangkeun di alam kuburna. Amin.


Lebaran kadua, 2008

Balangantrang.


Copas dari puyya multiply

MOHON MAAF

Untuk perbaikan dan saran anda dimohon untuk meninggalkan pesan, hasil dan jawabannya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun







Rajah Karuhun by Agus 1960